blog-img-10

Posted by : BIPP

HAJAT GEDE SEREN TAUN CITARUM KA 14

HAJAT GEDÉ
----------------------
Dina laku patanjala, hajat gedé nu digelar ku hiji pangauban dina kalang kasaliraan (wates bangsa) dumasar kana dua udagan atawa tujuan, nyaéta kahiji, kumpul ngariungna warga jeung wargi incu putu/ seuweu siwi pangauban, kaasup panglulugu atawa barésanna, jeung kadua, pataréma jeung panggedé atawa pangageung, nyaéta pamaréntahan.
Warga pangauban hartina kumna nu dumuk di jero hiji pangauban ngan can wayah jeung wasana ngajalankeun darma atawa laku patanjala, kakara pataréma can tumarima. Darma atawa laku patanjala teges tata titi jeung purbajati purbatistina, salah sahijina, dumasar kana itungan nasab atawa trah (aci ning pangauban). Najan sarupa, can tangtu sarua. Teges surupan jeung serepanna.
Nu geus atawa eukeur ngajalankeun laku patanjala, disebutna wargi pangauban. Anapon nu molah atawa ngatur lakuna, mimiti disebutna panglulugu, laju mun geus miboga aleutan kawargian satangtung pangauban (hulu, tengah jeung hilir) disebut Barésan Pangauban.
Wargi pangauban ambahanna nyurup dina kalang pangauban, nyaéta wargi kasaliraan (sa-walungan), wargi kabalaréan (sa-gunung) jeung wargi kabuanaan (sa-sasagara).
Panggedé atawa pangageung disebut ogé papayung agung. Patarémana warga-wargi pangauban jeung pamaréntahan, sabab pancén incu putu/ seuweu siwi, luyu jeung wayah-wasana, teu ukur dina pancén kasaliraan (bangsa), tapi ogé kabalaréaan (nagara). Kabuanaan ngarupakeun pancén satuluyna upama pancén kanagaraan geus cumpon.
------------------
Hatur nuhun ka kumna warga-wargi Pangauban Citarum nu parantos ngagelarkeun hajat gedé Sérén Taun Pangauban Citarum nu ka-14 (2009-2023) pancén gawé taun ka-1 Panglulugu Citarum, Pangauban Cimandé (Buyut Wahangan Panamping Citarik).
Wawakil panggdedé diluuhan ku Dirjen Penataan Agraria Kementrian Agraria dan Tata Ruang/ Badan Pertanahan Nasional, Kanwil BPN, BBKSDA miwah Perum Perhutani. Ti unsur legislatif, DPR RI Komisi IV.
Akademisi diantawisna ISBI, Universitas Sahid (Ketua Asosiasi Pengajar Hukum Adat), UIN SGD Bandung miwah PULIK UNPAD.
----------------
Mugia tinekanan sagala rupi pamaksadan, kahatur mugia séhat saterasna wawakil panglulugu miwah baris sepuh Pangauban Citarum ApanSah SH., MH., miwah Abah Dian Supardiana