single-event-img-1

CISUKAWAYANA


Sukawayana
--------------------
Sawaréh kirata kecap "sukawayana" numutkeun incu putuna nyaéta "suka teu suka, wayahna".
Larap pisan jeung laku nu keur dikeureuyeuh ku incu putu pangauban Cisukawayana, nuluykeun hanca tatahar, nyaéta naratas sirah cai Cisukawayana, Pagunungan Halimun Kidul, saampar kiduleun Gunung Talaga.
Tadina ukur 3 poé tepi ka minggu, wayahna parat nepi ka poé kaopat, wanci janari karak nepi ka tempat kumpul, Balé Wegah Lugay Hésé Lumampah (siloka deui waé/ kamonésan incu putu).
Poé kadua, pasosoré karak tepi ka punclak gunung Cisukawayana. Jalan satapak nu muru ka punclak, saparatna ti simpangan Batu Kapal, kudu nyorang tanjakan turdo, tuur kana gado, atawa tanjakan baeud, geus hésé patanya. Rénghap ngahégak, jantung ratug. Meunang tempat datar, cukup keur dalapan urangeun. Meuting heula di salah sahiji punclak Cisukawayana. Nambaan kacapé, tatahar isukan deuk ngukur gentong bumina Cisukawayana ti jalur tangtuna.
----------------
Lebah biwir lamping punclak nu deuk diukur rembet ku paku sorok, cicirén lamping tarahal jeung gurawés. Watang paku pites balas nyuay-nyuaykeun muka jalur, ronghok heuras nyolok, mun teu kana panon, kana irung. Kudu nyékér jeung muka jalur teu meunang maké pakarang, sabab geus asup leuweung larangan gentong bumi (wiwitan). Titincakan pating sorosod da sidik titincakan ukur batu logor jeung taneuh hipu tur ipis, nangkod dina lamping cadas. Mun teu tisungkruk, tikoséwad. Sakapeung manggih datar, cucuk hoé pating korowot ka sakujur awak. Dipikiran jeung dirarasakeun mah, asa euweuh mendingna.
Rajeun datang keuheul jeung kesel, tapi sapada harita kaubaran, kabangbalérkeun deui ku ajian Sukawayana, "suka teu suka, wayahna".
Tangtu dina tempat atawa médan kawas kitu urang teu meunang balangah jeung léngoh. Kudu dibantuan ku alat nu samistina, "safety procedure" téa. Leuwih ti lima kali kudu masang tali. Ti mimiti nu luhurna 20 méteran nepikeun kanu ampir 40 méteran. Ahirna wanci tunggang gunung, kana jam tiluan, nepi ka sirah cai tangtuna Cisukawayana. Cai hérang ngagenclang, kaluar ngagolontor tina liang batu. Tina satempat aya kana tilu liangna.
Ngaliwet heula, sabab can meunang sangu ti isuk-isuk, teu kaburu nyarap sabab bekel cai kaburu érép. Réngsé sarolat asar, kana jam setengah limaan, mulang ngais pasir muru punduk ka jalan satapak nu geus kasorang. Cag heula saheulaanan ngukur nepikeun ka wates gentong bumi tangtuna heula.
Gogoda can suda, komo mulangkeun, tanaga ukur sésa, punduk pegel jeung cangkéng cangkeul, balas ngagandong jeung ngakod kantong, pingping karasa panas, tuur, bitis nepikeun ka dampal suku rincug, teu kaop cicing, tuluy heuay ngajak saré baé. Sapaparat jalan nu kasawang, kasampak aya warung, bala-bala haneut karak nyat tina katel.
Mulang mapay tutugan Cimaja leutik, pasawahan lembur Pangguyangan.
--------------------
Gogoda salila kumelendang di alam dunya tangtu moal aya sudana, di-sukawayana-keun baé, "suka teu suka, wayahna".
----------------------
Hatur nuhun panampianna kana pancén laku patanjala ka Panglulugu incu putu Pangauban Cisukawayana, Kang Ikin Abdurrahman , aleutan incu putu nu nyangking Baris Kolot Pa Muhsin, Baris Anom Kang Salman miwah Pa Rw. Teu hilap Panglulugu Cimandiri Pangersa Ustadz Taofik Al Rakhman Mang Bayu Permana (Pa Dewan) sareng Mang Aceng (Pa Dosen), Baris Anom Cicatih Cimandiri nu ngaping incu putu salami laku, Mang Sancés sareng Mang Yunus. Teu hilap pangaping patanjala Mang Dadang Basheer's. Laku Patanjala Naratas kahiji Pangauban Cisukawayana, jumat - senen, 21 - 25 Juni 2924.